TATARUCINGAN
A. Naon Nu Disebut Tatarucingan Téh?
Tatarucingan teh lamun jaman baheula mah sok disebut turucing atawa tuturucingan. Tatarucingan teh ngaréka hiji omongan anu eusina kudu ditebak atawa diteangan kalawan tujuan keur panglipur (Rachmat jeung Darpan, 2006: 9). Unggal bangsa boga kalangenan anu modelna sarua siga tatarucingan kieu, lamun di malayu mah boh di Indonesia boh nu aya di nagri jiran, disebutna teh teka-teki, cenah. Sedengkeun di lingkungan urang Jawa mah disebutna badean atawa bedekan.
Turucing dina Kamus Basa Sunda susunan R. Satjadibrata hartina omong-omongan anu henteu sawajarna, kudu dipikiran maksudna atawa eusina. Masih numutkeun Rachmat jeung Darpan yen kecap tuturucingan ngabogaan dua harti, kahiji rupa-rupa turucing, sarta kadua nyebutkeun turucing bari nanyakeun eusina ka batur. Biasana mah tatarucingan teh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy, biasana bari silih tempas.

Dina jaman kiwari tatarucingan teh loba versina, leuwih marodel wangunna saluyu jeung kamekaran jaman. Ari tatarucingan baheula mah kentel kana imajinasi jeung pijawabeunana teh tukuh kana logika pikiran anu kudu ngaleunjeur. Ari tatarucingan ayeuna mah sakapeung sok sakarep dewek anu nyieunna, sarta nu diutamakeun teh lain bener-henteuna jawaban ti nu neguhna, tapi jawaban teh kudu matak seuri. Sanajan polana beda-beda boh nu baheula atawa nu ayeuna, ari konvensina (harti, maksud, jsb) mah sarua. Model tatarucingan aya dina wangun wawangsalan, dina wangun puisi, jeung dina wangun paguneman.
Ari ngobrolkeun tatarucingan teh sok jadi inget keur jaman barudak keneh, keur saumuran SD atawa SMP, tatarucingan sok jadi bahan gogonjakan boh dipanggung dina acara ngabodor make calung atawa dina kahirupan sapopoe. Dina pamikiran jeung hasil pangalaman Sim_Uing mah tatarucingan teh ngandung harti :
Panglipur ati. Nyaeta dina jawaban nu matak seuri sok resep na teh, urang jadi kahibur komo mun can pernah manggihan memehna mah.
Pikeun ngasah utek. Dina harti urang kudu muter otak pikeun neangan pijawabeunana.
Paalus-alus ngareka-reka tatarucingan tangtuna jeung jawabanna anu kira-kira moal bisa kateguh ku batur (Aya unsur persaingan nu hade). Malahan mun batur teu bisa neguh teh sok jadi bahan poyokan, tapi teu kaleuleuwihi.
Aya unsur sosial. Kadang barudak teh sok terangeun tatarucingan ti saluhureun, terus ditepikeun ka babaturanana.
Tah, sakitu heula geuning ti Sim_Uing ngeunaan tatarucingan. Ieu mah sakadar hiburan we ... ulah suntuk teuing lah. Hapunten samudaya kalepatan boh nu kahaja atanapi nu teu dihaja. Dina basana atuh sing dihapunten, make basa anu rada campur-campur kasar jeung halus, ieu teh Sim_Uing teu pati mahér dina basa sunda nu halus téh. Ari anu alusna mah meunang ngutip ti batur.
Di handap ieu aya conto model tatarucingan, mugia sing janten hiburan kanggo urang sadayana, utamana Sim_Uing sorangan nu resep téh, ngan hanjakal aya saeutik eh.. saalit, sakedik ketang. Anu ngagaduhan seueur tatarucingan tiasa bagi-bagi info ka Sim_Uing diantos, nya!.
Tatarucingan Baheula
Awakna ditincak, beuheungna dicekek (sendal)
Budak leutik mamawa obor (cika-cika)
Ceuli ngait, awak nangkarak (kenteng)
Digegel buntutna, beak huluna (roko)
Keur leutik dibaju, ari geus gede dibuligir (awi)
Nu hiji diasupkeun, nu opat jaroged (ngorong)
Aya leungeun teu ramoan, aya beuheung teu sirahan ( ............. )
Aya nu ngagantung manéh, tibatan ditulungan kalah diteunggeulan ( ............. )
Cai saleuwi béak ku cacing hiji ( ............. )
Daharna tina beuteung, ngising tina tonggong ( ............. )
Didagoan cicing, diudag lumpat ( ............. )
Ditakol nyendol, teu ditakol angger kénéh nyendol ( ............. )
Ka hilir ka girang mamawa gunting ( ............. )
Kuli naon nu matak nikmat ( ............. )
Unggal diasupkeun kaluar deui ( ............. )
Unggal dipeuncit nyambung deui ( ............. )
Tatarucingan Ayeuna
Anjing naon nu sukuna dua (anjing pipis bari nangtung)
Dicekék beuheungna, diélékéték beuteungna (gitar)
Kuya naon nu bisa ngapung (kuyakin itu burung)
Naon sababna jarum jam tuluy nguriling (sabab neangan angka 13 nu teu kapanggih wae)
Saha anu unggal poé jadi korban pemerasan? (sapi)
Sato naon nu pangleutik-leutikna sakota Bandung? (baktéri diponclot Gunung Tangkuban parahu ditingali di Alun-alun Bandung)
Suku hayam mun diparékoskeun jadi angka naon? (angka-éngké)
Tukang naon mun dititah dahar sok naék ka luhur (tukang ngali sumur)
Ari teu dicukur lénang, ari dicukur gondrong ( ............. )
Asup tarik kaluar laun ( ............. )
Aya tilu cakcak, dua garelut, ari nu hiji tuluy murag, naon sababna ( ............. )
Beuki dieusian beuki hampang ( ............. )
Bujurna ditiup, awakna dirampaan ( ............. )
Dituar kalah ngajangkungan ( ............. )
Endog asin sieuneun ku endog puyuh naon sababna ( ............. )
Najan inditna teu bareng, tapi isuk-isuk papanggih, beurang papanggih, peuting gé papanggih ( ............. )
Lian ti salak, jeruk jeung kesemek, buah naon anu ditungtungan ku hurup ”k”. ( ............. )
B. Tatarucingan Dina Obrolan
Sapi Aneh
Awo : “Brag, sapi naon cing anu akur?”
Jebrag : “Sapi kembar, nya!”
Awo : ”Lain, atuh! Sapi ...... kiran.”
Jebrag : “Heueuh nya. Ayeuna kari déwék. Sapi naon anu matak seubeuh?”
Awo : ”Sapi ..... Sapi ..... Sapi ..... ring mentung!”
Awo jeung Jebrag : “Ha .. ha ... ha ... ha ... hahahhaaahhhaaaahhhh..”
Ngadu
Saha : ”He, ngadu naon cing nu pangpanas-panasna?”
Suhe : ”Ngadu hayam.”
Saha : ”Salah.”
Suhe : ”Ngadu domba atuh!”
Saha : ”Lain.”
Suhe : ”Ngadu sapi atawa ngadu bagong.”
Saha : ”Salah keneh.”
Suhe : ”Ngadu naon atuh?”
Saha : ”Ngadurukan, da. Hayoooh.”
Tarasi Panggorengna
Atik : ”Tarasi naon anu panggorengna?”
Iis : ”Tarasi?Tarasi Tegal atawa tarasi Cirebon?”
Atik : ”Lain eta, kapan eta mah tarasi anu pangeunahna tea?”
Iis : ”Na tarasi naon atuh?”
Atik : ”Taluk, Iis ka Atik? Da tarasi-beungeut hoyah!”
Iis : ”Lah nyindiran ...”
Manuk
Asep : ”Man, urang boga tarucing! Teguh, nya!”
Maman : ”Tarucing naon?”
Asep : ”Di Irian loba manuk, rupa-rupa deuih. Tapi aya manuk nu teu endogan. Cingan teguh eta manuk naon?”
Maman (ngahuleng, mikir) : ”Wah, manuk Kaswari.”
Asep : ”Moal enya!Lain!”
Maman : ”Manuk Cendrawasih!”
Asep : “Salah keneh.”
Maman : “Ah, taluk we ari salah wae mah.”
Asep : “Manuk jaluna nu tara ngendog mah, Man!”
Korma Jeung Karma
Kang Guru : ”Cobi Kang Haji, pangbentenkeun korma sareng Karma.”
Kang Haji : ”Anu leres mah upami korma teh nami buah-buahan, nanging upami Karma nami jalmi.”
Kang Guru : ”Muhun leres kitu oge, nanging waleran ieu mah kirang ilmiah.”
Kang Haji : ”Janten waleran anu ilmiah kumaha?”
Kang Guru (bari heureuy) : ”Ari korma sikina hiji, namung lamun Mang Karma sikina dua.”
Jalan Tol
Anda : ”Nen, naon sababna jalan Cipularang disebut jalan tol?”
Neni : ”Lantaran jalanna lempeng tur bebas hambatan.”
Anda : ”Salah.”
Neni : ”Kutan.”
Anda : ”Sabab nu nyieunna lalaki, lamun nu nyieunna awéwé mah tangtu ngaranna téh jalan .....”
Sasatoan Ti Luar Nagri
Cing teguh sasatoan di luar nagri di handap ieu, naha aya di urang?
Baby Bycank ti Inggris
Bu Eueaux ti Perancis
Chak Chak Na Plok ti Thailand
de Beruce ti Belgia
En Took ti Belanda
Fiith ti Mesir
Pa Pha Tong ti Kamboja
Qaf Fi Tiieng ti Arab
Rha Mee Thuc ti Vietnam
Satohuma ti Jepang
U Chink ti Birma
Und Chaaltz ti Jerman
Va Vhan Tinc ti Australia
Zank Crieck ti Amerika
Tangkal jeung Buah
Onod : ”Walak, urang tatarucingan.”
Walak : ”Hayu!Sok maneh heula.”
Onod : ”Tangkal naon ngaranna nu sok disebut tangkl gancang, buah gancang?.”
Walak : ”Gampang atuh, nu kitu mah tangkal namnam, buah namnam. Ayeuna teguh yeuh, tangkal naon nu sok disebut tangkal hese sare, buah hese sare?”
Onod (Ngahuleng lila) : ”Taluk, lah!”
Walak : ”Tangkal teureup, buah teureup.”
Dedi : “Mobil naon anu banna muter tapi teu maju?”
Ided : ”Ah, gampang teuing atuh nu kitu mah, mobil selip, lah.”
Dedi : “Ih, salah da ayeuna mah lain usum hujan, da mobil mundur.”
Ided : ”Euh, enya nya. Ayeuna ti Ided-eun, ucing naon anu buluna tilu?”
Dedi : “Euh, atuh ucing candramawat nya.”
Ided : ”Ah, piraku. Atuh ucing anu buluna tilu mah ucing dugul.”
C. Tatarucingan Dina Wangun Puisi
Di masarakat Sunda urang bakal manggihan tatarucingan dina wangun puisi, saperti dangding atawa puisi bébas lianna. Nurutkeun Ajip Rosidi (Rachmat jeung Darpan, 2006:40), dangding teh wangunna puisi Sunda pangaruh ti Mataram, anu kasengker ku pola nu pasti: jumlah padalisan unggal pada, jumlah engang unggal padalisan, sarta vokal panungtungna unggal padalisan geus baku.
Keur jaman SD Sim_Uing gé pernah diajarkeun ku bu guru rupa-rupa dangding sarta diajarkeun cara ngalagukeunana, tapi teu apal yén eta teh mangrupakeun tatarucingan. Mangrupa-rupa dangding nyaeta diantarana : Asmarandana, Sinom, Kinanti.
Conto tatarucingan dina wangun puisi
KINANTI
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Kalayang-kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon baé nu kapanggih
Ari beurang tinggagarantung
Pinuh dina tangkal kai
Disada kokoréakan
Cing hempék ku nyai pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih
Eusina tarucing téh nyaeta kalong.